Kamis, 12 Maret 2015

Contoh Biantara Sunda

Contoh Biantara Sunda

Hallo semua, bagaimana kabarnya? Semoga anda ada dalam perlindungan Allah S.W.T. Sebelumnya ayo “Raih Prestasi Bersama SMK Bisa”. Disini saya akan memberikan contoh pidato bahasa sunda, atau dalam bahasa sunda nya yaitu biantara.
Contoh biantara sunda :

“Assalamualaikum Wr.Wb
Bapak kepala sekolah nu ku abdi dipihormat, bapak sareng ibu guru nu ku abdi dipihormat, teu langkung oge rerencangan sadaya nu ku abdi banggakeun.
Kahiji hayu urang panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah S.W.T , sholawat sareng salam oge dipanjatkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad S.A.W.
Sateuacana nuhun pisan ka panitia nu tos masihan waktos sakeur abdi kanggo nyarios sapatah dua patah kalimat nu bade ku abdi omongkeun kasadayana. Abdi aya didieu ngawakilan sakabeh kelas sapuluh (X), bade nyarios hatur nuhun pisan ka guru-guru nu tos ngajar abdi jeung rerencangan. Ayeuna abdi sareng rerencangan tos dugi naek ka kelas sabelas (XI), sakali deui abdi ngucapkeun hatur nuhun pisan ka guru-guru nu tos ngajar abdi sadaya pas di kelas sapuluh (X). Kanggo guru-guru nu ngajar abdi di kelas sapuluh, abdi nyuhunkeun di hampura, di hampura kusabab abdi can tiasa jadi murid nu di pikahoyong ku guru, nyaeta bageur, sopan, pinter jeng sajabana. Loba kesalahan sareng kakurangan abdi nu sok nyieun guru adat atanapi kesel. Intina abdi nyuhunkeun di hampura pisan dina kesalahan-kesalahan abdi, boh eta nu ngahaja atawa nu teu kahaja. Abdi apal, bakalan aya guru nu tos ngajar abdi dikelas sapuluh bakal ngajar deui di kelas sabelas, sateacana abdi di ajar ku guru-guru di kelas sabelas, abdi bakalan nyarios moal deui ngalakukeun kasalahan nu tos ku abdi lakukeun di kelas sapuluh. Abdi janji insa allah bakal ngarobah sikap, kelakuan abdi nu lewih alus, bakalan lewih giat dina belajar na, bakalan lewih rajin, bakalan sopan, sareng bakalan lewih ngawaro ka guru-guru nu bade ngajar abdi di kelas sabelas.
Sanes teu alim lami di dieu, tapi da kumaha atuh abdi dipasihan waktos ngan saukur lima nepi ka 10 menit. Eta nu tiasa abdi carios ka bapak-bapak sareng ibu-ibu, teu hilap oge rerencangan sadaya. Semoga urang sadaya tiasa ngarobah kalakuan urang di kelas salanjutna. Ngan sakitu ti sim abdi, mun aya kata-kata nu teu enak di denge, asup ceuli kenca kaluar ceuli katuhu weh, abdi menta mohon di hampura ka sadaya. Tapi mun aya kata-kata nu nyieun semanget, asup ceuli kenca simpen dina otak ulah dikaluarkeun deui di ceuli katuhu. Kurang leuwih na dihampura.
Wassalamualaikum Wr.Wb”


Nah, itu dia contoh teks biantara bahasa sunda, semoga bermanfaat untuk anda. Terima kasih telah mengunjungi blog saya. Sekali lagi saya mengucapkan terima kasih.